Sundana ALMARWAH
Selasa, 17 April 2012
Mahamkeun NOVEL jeung CARPON
PEDARAN NOVEL
NOVEL
kaasup salah sahiji carita rekaan (fiksi), eusi jalan caritana panjang
tur loba bagian-bagianana, Diwangun ku basa lancaran, Palaku nu
ngalalakonna loba, Mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita
fiksi; palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa
katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna.
Carita
dina novel sagemblengna mangrupa hasil rekaan jeung imajinasi
pangarangna. Sanajan eusina kaharti tapi kalolobaanna lain carita nu
sabenerna. Judul Novel nu pangheulana medal nyaeta “Baruang ka nu Ngarora”, pangarangna Daeng Kanduruan Ardiwinata,
anu medalna dina taun 1914. Eusina nyaritakeun kahirupan rumah tangga
Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah, palaku lainna aya Aom Kusman jeung Nyi
Dampi. Novel lain diantarana “Rusiah Nu Goreng Patut” atawa nelahna mah “Karnadi Bandar Bangkong”, anu ngarangna Joehana (Yuhana) jeung Achmad Bassaeli. Kadieunakeun loba pangarang novel nu ngarora, diantarana Eddy D.Iskandar “Cinta Pabaliut”.
Unsur
Novel meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya :
Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung
Amanat.
PEDARAN CARPON (CARITA PONDOK)
Carpon
wancahan (singgetan) tina carita pondok. Carita Pondok nyaeta carita
rekaan nu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana pararondok.
Lebah ukuran pondok aya nu diukur ku jumlah kecapna nyaeta antara
5.000-10.000 kecap. Aya oge anu diukur ku waktu macana, nyaeta kurang
leuwih saparapat jam. Tapi umumna carita pondok Sunda, upama diketik dua
spasi make kretas ukuran polio, antara 4-8 kaca, kaasup kana wangun
lancaran (prosa).
Kulantaran
pondok tea, kajadian anu dicaritakeun oge henteu rea, biasana ngan
diwangun ku hiji kajadian utama. Kitu deui palakuna, umumna tara loba,
sarta latarna boh tempat boh latar waktuna sarua deuih henteu loba.
Bedana
jeung dongeng, carita pondok mah mere kesan kanu macana yen kajadian,
palaku, tempat, jeung mangsa anu dicaritakeun teh henteu pamohalan,
kajadiaan sapopoe oge mindeng dicaritakeun dina carita pondok mah.
Wangun
carita pondok asup kana sastra Sunda teh mangrupa pangaruh tina sastra
deungeun, Walanda, jeung Indonesia, istilah sejen tina carpon nya eta short story. Mimiti hadir dina pajemuhan sastra dina majalah Parahiangan taun 1920. Ari kumpulan carpon anu munggaran nyaeta Dogdog Pangrewong karangan
G.S anu medal taun 1930. jadi leuwih tiheula genep taun, upama
dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonesia, Teman Duduk karangan M.Kasim, anu terbit taun 1996.
Ceuyahna carita pondok sastra Sunda pangpangna sabada merdeka. Umumna sumebar ngaliwatan majalah-majalah jeung koran Sunda.
Pangarang Carita Pondok jeung karyana nu geus dibukukeun :
R.A.F (Rahmatullah Ading affandi) ; Carita Biasa (Balai Pustaka,1959) Dongeng Enteng ti Pasantren (BP,1961),Ayatrohaedi ; Hujan Munggaran (BP,1960)Caraka ; Neangan (Kiwari,1962) Tini Kartini ; Jurig, Nyi Karsih (Kiwari,1963) Yus Rusamsi ; Parawan (Komara,1964) Ermas ; Tamiang Meulit ka Bitis (Pustaka Sunda,1965) Yus Rusyana ; Jajaten Ninggang Papasten (Rahmat Cijulang,1988), Di luhureun Jukut Reumis (Pustaka Sunda,1965) Ki Umbara ; Diwadalkeun ka Siluman, Iskandarwassid ; Halimun Peuting (Rahmat Cijulang,1989) Karna Yudibrata ; Kanyaah Kolot (Rahmat Cijulang,1985) Aam Amilia : Panggung Wayang, Taufik Faturahman : Kun Fayakun.
Salian ti eta, aya antologi (kumpulan karangan ti sababaraha urang pangarang) kayaning ;
· Kanjut Kunang (dihijikeun antar Puisi jeung sempalan Novel) : Ajip Rosidi jeung Rusman Sutia sumarga.
· Sawidak Carita Pondok : Duduh Durahman, Abdullah Mustapa, jeung Karna Kartadibatra (1983)
· Guriang Tujuh : Kumpulan karya Pangarang wanita “Patrem” (1984)
· Salumar Satra : Hadiah Sastra LBSS (dihijikeun jeung Puisi katut Essey)
Unsur
Carpon meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya
: Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung
Amanat.
Senin, 16 April 2012
Nyiar Elmu Pakokolot
(iyasana : Hj. Maryam Dermawanti/Pupuhu Yayasan Al-Marwah)
(Ibu Hj. Maryam Dermawanti teh Pupuhu Yayasan Al-Marwah Kabupaten Bandung Garwana Bapa H. Wahyu Hamijaya[Allohu yarhamhu] anu naratas sareng ngawakapkeun Lahan katut Wangunan SMA PUQ Al-Marwah sareng SMK AL-MARWAH kangge ngarojong Pendidikan Nasional - disapih deui ku Rudi Linuhung tina Bulletin Iber)
Hoyong
naon, Bab naon? Sadaya, walerannana aya dina Al-Qur’an. Namung
waleranana masih keneh sacara Umum atanapi gurat badagna wungkul, da anu
ngeceskeunnana mah Rosululloh Muhammad Solallohu ‘Alaihi Wassalam
salaku utusan Mantenna. Lalakon anggolati nyiar pangarti, kedah ngannggo
anu nungtun, tegesna guru, atanapi saur basa Al-Qur’an mah ahl dzikir
nya eta ahli elmu. Hal ieu sakumaha anu kapendak dina Q.S. An-Nahl, ayat
43, anu unina :
“Wa
maa arsalnaa mingqobblika illaa rijaalannuuhiii ilaihim, fasaluuu
ahladzdzikri ingkuntum laa ta’lamuun”. (Jeung Kami ngutus saha-saha
samemeh andika / Muhammad, anging jalma-jalma anu ku Kami dipaparin
wahyu, kusabab eta geura tanyakeun ka jalma-jalma ahli dzikir / ahli
elmu upama arandika henteu nyaraho mah).
Wajib Nungtut Elmu
Sakumna
umat Islam, boh lalaki boh awewe wajib nungtut elmu nyungsi pangarti,
sarta lamun dina sajeroning lalampahan nyuprih elmu teh aya nu teu
kaharti, urang kudu tetelepek, tatanya ka ulama atawa ka anu ngarti,
ulah nutur-nutur kahayang ingsun, mun teu kitu tatanya kana tulisannana.
Nyakitu ulama atawa anu ngarti mibanda kawajiban ngamotekarkeun elmuna.
Kusabab
nyungsi pangarti hukumna wajib, nya simkuring rumasa kurang elmu dina
widang agama, tangtuna sanes taya alesan. Da diantarana bae, ti saprak
ngagayuh rumah tangga ti taun 1972 sareng pun lanceuk, Bapa H. Wahyu
Hamijaya (Alloohu Yarhamhu) dugi ka pangsiunna estuning taya waktu anu
luang aras-urus masalah rumah tangga, barudak, sarta anu kawilang
penting mah nyaeta romojng kana pancen salaki salaku militer, anu patali
jeung organisasi kawanitaan ti kalangan tentara saperti Persatuan Istri
Tentara (PERSIT, punten sanes PERSIS), Dharma Wanita, PKK, sareng
organisasi lianna. Tah, kusabab kasibukan anu sakitu lamina, 38 taun
ngambah di rumah tangga teh di amanahan ku dua [2] budak awewe jeung
hiji [1] budak lalaki, ditambah ku budak adi lima [5] alatan dikantun
pupus ku ramana, saurang incu ti gigir alatan teu indung teu bapa.
Kiwari,
barudak barudak geus barerers sakolana sarta geus baroga gawe, geus aya
anu rarabi, atuh kiwari asa reugreug lantaran dipercaya ku incu anu
jumlahna aya sapuluh urangna. Alhamdulillah, pancen ngurus budak geus
rada salse, tapi moal ari salse pisan mah, da puguh roda kahirupan mah
muter, kiwari asa aya waktu jomplang, ras emut kana ayat diluhur yen
nyuprih elmu teh kawajiban, nya sigana ieu mangsana nyiar pangarti teh.
Mimiti lelengkah halu narjamahkeun al-Qur’an kana basa Sunda, basa
indung, ngangkir ustadz sangkan langkung ngarti jeung kaharti. Tangtuna
sajaba kudu aya nu nungtun, teu petot muka sarta ngoreh sorangan, boh
hadist atawa elmu fiqihna, jejer anu utamana mah sangkan tumaninah dina
ngamalkeunnana, ulah keuna ku babasan cape gawe teu kapake, alatan
pasalia jeung katangtuan agama anu samistina.
Pisangem
Rosululloh SAW. anu katampi ti Abu Hurairah ra., “Ta’allamu‘l-ilma wa
ta’allamu li’l-‘ilmi as sakinata wa wiqara wa tawadhu’ulima ta’allamu
li’l-ilmi as-sakiinata wa wiqaara wa tawadhu’uu lima ta’allamuun minhu” =
“geura prak tareangan elmu, sarta geura prak ajarkeun deui [ka nu
lian]. Sarta dina neangan elmu aya dina katenangan, katingtriman, sarta
kudu rendah diri handap asor ka jalma anu anjeun kungsi nyuprih elmu ti
anjeuna.” (ath-Thabrani)
Karasa
endah hirup di pakampungan bari nyuprih elmu, ngarasa bagja pakokolot
pangsiun di lembur sorangan bari tani jeung ngabalong. Dina wanci keur
senang hate bari ngararasakeun katenangan, bari teu lesot tina sumujud
syukur ka Yang Agung, teu terang ti anggangna, teu apal ti tadina, bet
sim kuring meunang cocoba ti Gusti Nu Maha Suci, nya eta dikantun ku pun
lanceuk, hartina 8 April 2010, bapana barudak dipundut kunu
kagungannana. Teu bisa dikumaha, sok sanajan harita pun lanceuk nuju
sehat belejag. Emh, tetela umur lain nu urang, sing horeng aya nu
ngatur. Sim kuring teu ieuh kaleleban, da emut kana pidawuh Alloh SWT., :
“Walikulli
ummatin ajalun, faidzaa jaa-a azaluhum laa yast’khiruuna saa’atan,
walaa yastaqqdimuun”. Jeung pikeun saban-saban umat oge ajalna, nya
upama datang ajalna, maranehna moal menta dipundurkeun sakeudeung oge,
jeung moal bisa menta di pajukeun [QS. Al-A’raf 7 : 34].
Leres
pisan eta pidawuh Alloh teh bet asa keuna ka simkuring, margi anu repot
teu damang teh justru rayina, tapi nu dipundut bet rakana.
Cag, sakitu bae heula, urang teraskeun deui dina seratan anu sanesna, Insya Alloh!(Ibu Hj. Maryam Dermawanti teh Pupuhu Yayasan Al-Marwah Kabupaten Bandung Garwana Bapa H. Wahyu Hamijaya[Allohu yarhamhu] anu naratas sareng ngawakapkeun Lahan katut Wangunan SMA PUQ Al-Marwah sareng SMK AL-MARWAH kangge ngarojong Pendidikan Nasional - disapih deui ku Rudi Linuhung tina Bulletin Iber)
Jumat, 13 April 2012
Aksara Sunda Baku (Kondisional Ngalagena)
Aksara Sunda Baku
Kasang Tukang katut Sajarah
Mimiti
Abad IV (kaopat) masarakat geus lila mikanyaho aksara pikeun nuliskeun
basa anu ku arinyana digunakeun. Tapi dina jaman Kolonial, masarakat
Sunda dipaksa ku panguasa jeung kaayaan pikeun ninggalkeun gunana Aksara
Sunda Kuno nu mangrupa salah sahiji identitas budaya Sunda. Kaayaan nu
geus lila nepi ka mangsa kamerdekaan eta ngakibatkeun leungitna Aksara
Sunda Kuno dina tradisi nulis masarakat Sunda.
Dina
tungtung Abad XIX (salapan belas) nepi ka nengahan Abad XX (dua puluh),
para panalungtik bangsa deungeun nya eta K. F. Holle jeung C. M. Pleyte
jeung ti bumiputra nya eta Atja jeung E. S. Ekadjati mimiti nalungtik
prasasti-prasasti jeung naskah-naskah kuno anu ngagunakeun Aksara Sunda
Kuno. Nurutkeun panalungtikan sememehna, tungtung Abad XX mimiti tumuwuh
kasadaran ayana Aksara Sunda anu mangrupa identitas khas masarakat
Sunda. Kusabab kitu Pamarentah Daerah netepeun Perda No. 6 tahun 1996
ngeunaan Mupusti, ngabina jeung Ngembangkeun Basa, Sastra, jeung Aksara
Sunda anu kahareupna diganti ku Perda No. 5 tahun 2003 ngeunaan
Pemeliharaan Basa, Sastra, dan Aksara Daerah.
Dina
tanggal 21 Oktober 1997 diayakeun Lokakarya Aksara Sunda anu gawe
bareng Pamarentah Daerah Tingkat I Jawa Barat jeung Tim Pengkajian
Aksara Sunda. Anu ahirna dina tanggal 16 Juni 1999 kaluar Surat
Kaputusan Gubernur Kepala Daerah Tingkat I Jawa Barat Nomor
343/SK.614-Dis.PK/99 anu netepkeun yen hasil lokakarya tur kajian tim
kasebut diputuskeun jadi Aksara Sunda Baku.
Wanci
ayeuna Aksara Sunda Baku mimiti dikenalkeun ka umum ngaliwatan
sababaraha acara kabudayaan daerah anu diayakeun di Bandung. Lian ti
eta, Aksara Sunda Baku oge digunakeun dina papan nama , Kampus Yayasan
Atikan Sunda, jeung Kantor Dinas Pariwisata Daerah Kota Bandung. Lengkah
laina oge dipake ku Pamarentah Daerah ngagunakeun Aksara Sunda Baku
dina papan nama jalan-jalan utama di kota kasebut.
Dikuatkeun
ku Kaputusan Gubernur Jawa Barat tahun 2006 Nomor :
423.5/Kep.674-Disdik/2006 ngeunaan Standar Kompetensi jeung Kompetensi
Dasar sarta padoman KTSP mata pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda anu
ngawajibkeun Mulok Bahasa Sunda kudu aya di Sakola ti mimiti TK/RA tug
nepi ka SMA/SMK/MA. Kaasup ngawanohkeun Aksara Sunda hasil kondisional
taun 1999.
Babandingan antara Aksara Sunda Baku jeung Sunda Kuno
Aksara
Sunda Baku mangrupakeun hasil kondisional Aksara Sunda Kuno anu
digunakeun keur nuliskeun Basa Sunda kontemporer. Kondisional kasebut
didadasaran ku padoman :
· Bentuk/wanguna nilik kana Aksara Sunda Kuno sangkan
kaasliana tetep kajaga,
· bentukna basajan/sederhana ngarah gampang dituliskeun,
· sistem nulisanna nurutkeun kecap demi kecap,
ejaanna ngacu kana Basa Sunda mutahir sangkan babari dibaca.
Dina prakprakana, kondisonal kasebut nyakup kana tambahan huruf (upamana huruf va jeung fa), ngurangan huruf (upamana huruf re pepet jeung le
pepet), jeung rubahna wangun huruf (upamana huruf na jeung ma). Imeutan
di handap ieu Aksara Sunda Baku nu jadi Dasar mimiti diajar nulis
aksara Sunda.
Rarangkén
Nurutkeun wangun cara nulisna, 14 rarangkén dikelompokkeun jadi :
a. rarangkén di luhur huruf = 5 rupa
b. rarangkén di handap huruf = 3 rupa
c. rarangkén sajajar huruf = 5 macam
a. Rarangkén di luhur huruf
b. Rarangkén dihandap huruf
panyuku, ngarobah vokal aksara Ngalagena ti [a] jadi [u].
Conto: = ka → = ku.
| |
panyakra, ngarobah konsonan [r] di tengah suku kecap.
Conto: = ka → = kra.
| |
panyiku, ngarobah konsonan [l] di tungtung suku kecap.
Conto: = ka → = kla.
|
c. Rarangkén sajajar huruf
Aksara Pokal
Aksara Angka
Mangga urang imeutan conto diajar nulis aksara Sunda nu di tulis ku siswa-siswi SMA/SMK Al-Marwah, ngke ka payun .....
Langganan:
Entri (Atom)